Bismillahirrahmanirrahim...............
Alhamdulillah sim kuring tiasa mitembeyan ngadamel ieu blog dina basa Sunda. Mudah-mudahan wae di antawis para mitra aya nu keresa ngarespon kana ieu blog sim kuring. Nu dipalar teh supados urang Sunda tiasa ilubiung dina kancah kamajengan tehnologi anu kacida gancangna. Ku kituna urang teh meureun moal tinggaleun teuing.
Rumaos sim kuring mah anyar keneh diajar kana ngeblog teh. Malah mah wanoh kana dunya internet ge nembean pisan. Tangtosna ge seueur hal-hal anu ku sim kuring teu acan dipikaterang. Tah ku alatan ieu media teh, mudah-mudahan wae urang tiasa silih bagi pangaweruh. Ku kituna, wawasan urang sadaya, hususna urang Sunda, tangtos bakal tambih jembar.
Sateuacanna, sim kuring nyuhunkeun pisan dihapunten. Ku margi sim kuring mah urang Sunda kampung nu teu terang kana undak-usuk basa. Upami para mitra mendakan kekecapan nu teu merenah, nyuhunkeun dimalum wae. Mudah-mudahan komentar sareng panyawad ti nu maos ieu blog, janten pangbebenah kana tulisan-tulisan sim kuring ka payunna. Diantos pisan.
Sakieu wae heula bubuka ti sim kuring. Antos we coretan-coretan sim kuring nu salajengna. Mudah-mudahan tiasa aya manpaatna. Amiin.
0 komentar:
Posting Komentar