Duit
Aya lagu judulna “Duit”. Nyaritakeun yen duit teh kacida dibutuhkeunana ku unggal jalma. Nepi ka si duit teh digeroan sangkan datang nyampeurkeun.
Emang , saha atuh anu teu butuh kana duit. Tong boroning jalma normal, sehat lahir batin, jagjag waringkas, dalah jalma nu geus palastra ge masih perelu keneh kana duit. Naha? Cobaan we atuh pikiran! Ayeuna mah jang liang kuburan wae ge kudu meuli lahan nu teu kawilang murah. Komo di pakotaan mah. Paeh ge moal aya nu ngubur meureun mun euweuh duit mah.
Ku lantaran duit, jalma-jalma tihothat narekahan sangkan duit minuhan laci lomarina, atawa rekeningna di bank. Teu mandang halal-haram, nu penting mah loba duit. Teu paduli naon balukarna, nu penting mah rea rajakaya. Mangsabodo rek kitu rek kieu ge, eta mah kumaha engke. Urusan mah gampang diatur. Nu penting mah loba duit. Nomor wahid : duit!
Duit, duit! Geura kadieu atuh, duit!