Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

DUIT


Duit


Aya lagu judulna “Duit”. Nyaritakeun yen duit teh kacida dibutuhkeunana ku unggal jalma. Nepi ka si duit  teh digeroan sangkan datang nyampeurkeun. 

Emang , saha atuh anu teu butuh kana duit. Tong boroning  jalma normal,  sehat  lahir  batin, jagjag waringkas, dalah jalma nu geus palastra ge masih perelu keneh kana duit. Naha? Cobaan we atuh pikiran!  Ayeuna mah jang liang kuburan  wae ge kudu meuli lahan nu teu kawilang murah. Komo di pakotaan mah. Paeh ge moal aya nu ngubur  meureun  mun euweuh duit mah.

Ku lantaran duit, jalma-jalma tihothat narekahan sangkan duit  minuhan laci lomarina, atawa rekeningna di bank. Teu mandang halal-haram, nu penting mah loba duit. Teu paduli naon balukarna, nu penting mah rea rajakaya. Mangsabodo rek kitu rek kieu ge, eta mah kumaha engke.  Urusan mah gampang diatur. Nu penting  mah loba duit. Nomor wahid : duit!

Duit, duit! Geura kadieu atuh, duit!

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

sajak


PAILA

jirim taun weuteuh
ngarangkadak baseuh
paila mapag kabagja nu samar
mangpirang suhunan tuna damar
mangpirang dapur taya haseupan
ukur nangreukeun harepan
dina lamunan

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

BUBUKA


Bismillahirrahmanirrahim...............

Alhamdulillah sim kuring tiasa mitembeyan ngadamel ieu blog dina basa Sunda. Mudah-mudahan wae  di antawis para mitra aya nu keresa ngarespon kana ieu blog sim kuring. Nu dipalar teh supados urang  Sunda tiasa ilubiung dina kancah kamajengan tehnologi anu kacida gancangna. Ku kituna urang teh meureun moal tinggaleun teuing.

Rumaos sim kuring mah anyar keneh diajar kana ngeblog teh. Malah mah wanoh kana dunya internet ge nembean pisan. Tangtosna ge seueur hal-hal anu ku sim kuring teu acan dipikaterang. Tah ku alatan ieu media teh, mudah-mudahan wae urang tiasa silih bagi pangaweruh. Ku kituna, wawasan urang sadaya, hususna urang Sunda, tangtos bakal tambih jembar.

Sateuacanna, sim kuring nyuhunkeun pisan dihapunten. Ku margi sim kuring mah urang Sunda  kampung nu teu terang kana undak-usuk basa. Upami para mitra mendakan kekecapan nu teu merenah, nyuhunkeun dimalum wae. Mudah-mudahan komentar sareng panyawad ti nu maos ieu blog, janten pangbebenah kana tulisan-tulisan sim kuring ka payunna. Diantos pisan.

Sakieu wae heula bubuka ti sim kuring. Antos we coretan-coretan sim kuring nu salajengna. Mudah-mudahan tiasa aya manpaatna. Amiin.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS